Sony Xperia Z5 - Inpormasi hukum

background image

Inpormasi hukum

Sony E6603/E6653

Buku pituduh ieu dipedalkeun ku Sony Mobile Communications Inc. atawa pausahaan filial lokalnna, tanpa aya

haransi. Bebener sareng perobihan kana Buku pituduh ieu nu diperyogikeun kulantaran kasalahan tulisan, inpo

pang anyarna nu teu akurat, atawa pangleresan program jeung/atawa pakakas, tiasa dilakukeun ku Sony Mobile

Communications Inc. sawaktos-waktos jeung moal aya wartos heula. Parobihan anu kitu, bakal dilebetkeun kana

édisi anyar Buku pituduh ieu. Sagala gambar ngan saukur kanggo maksud gambar jeung teu pasti sami

ngagambarkeun alat nu sabenerna.
Sadaya produk sareng nami pausahaan nu disebatkeun di dieu mangrupakeun mérék dagang atawa mérék

dagang kadaptar ti nu gaduhna. Sadaya mérék dagang anu séjénna mangrupakeun kagungan nu gaduhna

masing-masing. Sadaya hak nu teu teges dinyatakeun di dieu tos ditangtayungan. Tingali

www.sonymobile.com/us/legal/ kanggo inpo nu langkung lengkep.
Buku pituduh ieu tiasa nuduhkeun ladénan atanapi aplikasi nu disayagikeun ku pihak katilu. Nganggo

pamrograman atanapi ladénan anu kitu bakal meryogikeun pandaptaran kapisah ka operator pihak katilu tur bakal

matuh ka sarat panganggoan tambihan. Pikeun aplikasi nu diaksés dina atawa liwat situs wéb pihak katilu, mangga

pariksa heula sarat panganggoan situs wéb éta sarta kawijakan privasina nu lumaku. Sony teu méré haransi

kasadiaan atawa kamampuan ti situs wéb pihak-katilu éta atawa ladénan nu ditawarkeunnana.
Alat sélulér anjeun gaduh kamampuan ngundeur, nyimpen sareng neraskeun eusi tambihan, contona rington.

Nganggo eusi nu sapertos kitu bisa jadi diwatesan atanapi dicaram ku hak-hak pihak katilu, kaasup tapi teu

diwatesan ka watesan nu diatur ku hukum hak cipta nu lumaku. Anjeun, sanés Sony, nu bakal sapinuhnya

nanggung jawab kana eusi tambahan nu diundeur atanapi diteraskeun tina alat anjeun. Sateuacan nganggo eusi

tambahan nu mana waé, pariksa yén anjeun tos gaduh lisénsi atawa idin pikeun nganggo éta eusi. Sony henteu

ngajamin akurasi, integritas atawa kualitas eusi tambahan atawa eusi tina pihak katilu séjénna. Teu aya kaayaan nu

mana ogé Sony bakal nanggungjawaban ka sagala cara pamakéan nu teu bener tina eusi tambahan atawa eusi ti

pihak katilu.
Tingali

www.sonymobile.com kanggo inpo nu langkung lengkep.

Produk ieu ditangtayungan ku hak cipta intelektual Microsoft nu tangtu. Panganggoan atawa distribusi téknologi di

luar ieu produk dilarang upami teu aya lisénsi ti Microsoft.
Pamilik eusi nganggo teknologi pangaturan hak digital Windows Media (WMDRM) kanggo nangtayungan hak milik

intelektualna, kaasup hak cipta. Alat ieu nganggo software WMDRM pikeun ngaksés ka eusi nu ditangtayungan ku

WMDRM. Upami software WMDRM gagal nangtayungan eusi, nu gaduh eusi tiasa ménta Microsoft nyabut

kamampuan software nganggo WMDRM pikeun muter atanapi niron eusi nu ditangtayungan. Panyabutan moal

mangaruhan eusi nu teu dijagi. Sawaktos anjeun ngundeur lisensi eusi nu ditangtayungan, anjeun satuju yén

Microsoft tiasa ngalebetkeun daptar panyabutan dina lisénsina. Nu gaduh eusi tiasa ménta anjeun ngamutahirkeun

WMDRM pikeun ngaksés eusi anjeunna. Upami anjeun nampik pamutahiran, anjeun moal tiasa ngaksés eusi nu

meryogikeun pamutahiran.
Produk ieu dilisénsikeun dina lisénsi portofolio visual MPEG-4 sareng patén AVC pikeun pamakéan pribados sareng

non-komérsil konsumén kanggo (i) nyandiaksarakeun vidéo supados matuh ka standar visual MPEG-4 ("MPEG-4

video") atanapi standar AVC ("AVC video") sareng/atanapi (ii) ngawasandikeun vidéo MPEG- 4 atanapi AVC anu

disandiaksarakeun ku konsumén nu dina aktipitas pribados sareng non-komérsil sareng/atawa anu dicandak ti

panyadia vidéo anu dilisénsikeun ku MPEG LA kanggo nyadiakeun MPEG-4 sareng/atanapi AVC video. Lisénsi anu

dipasihkeun teu lumaku pikeun panganggoan nu sanés. Inpormasi tambahan kaasup nu sahubungan ka kagiatan

promosi, internal sareng panganggoan komersil sareng ngalisensian tiasa di damel ti MPEG LA, L.L.C. Tingali

www.mpegla.com. Teknologi MPEG Layer-3 audio decoding dilisénsikeun ti Fraunhofer IIS sareng Thomson.
SONY MOBILE MOAL TANGGUNG JAWAB SAGALA RUPA DATA SORANGAN NU LEUNGIT, KAHAPUS JEUNG/

ATAWA KATIMPA ATAWA PAYIL NU DISIMPEN DINA ALAT ANJEUN (KAASUP TAPI LAIN WUNGKUL KONTAK,

LAGU JEUNG GAMBAR) LAMUN ANJEUN NGAPDET ALAT ANJEUN KU CARA NU DIJELASKEUN DI BUKU

PITUDUH ATAWA DOKUMENTASI IEU. DINA KAAYAAN NAON WAR, SONY MOBILE ATANAPI PAMASOKNA

MOAL TANGGUNG JAWAB TOTAL KA ANJEUN KANGGO SADAYA KARUGIAN ATAWA KARUGIAN NAON WAE

KUMARGI TINDAKAN (DINA KONTRAK ATANAPI KASALAHAN, NANGING TEU KAWATES KA KALALAIAN

ATANAPI NU SEJEN) NGALANGKUNGAN JUMLAH SABENERNA NU DIBAYAR KU ANJEUN KANGGO ALAT

ANJEUN.
© 2016 Sony Mobile Communications Inc.
Sadaya hak ditangtayungan.

151

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.